Rabu, 18 September 2024

Waas Hujan Sonten 19 Juni 2023

 

Teu pararuguh abdi obo tabuh 15 digeuingkeun ku iris tabuh 17 batur mah tos ku istri di geuingkn teh eh abdimah malah ku iris alias bocor . Abdi tos gé ér sugan téh aya jalmi nu niat ngagugahkeun eh ai heg teh iris dikamar, ai irisna teh ageung sinareng seueur bolongna. Aduh abdi calik jol inget kana puisi buatan Pak Sapardi Djoko Dharmono leres pisan .
"Teu aya anu langkung bijak batan hujan sasih Juni!!!
Teu aya nu langkung arif tinimang hujan sasih Juni!!! "
Teu apal deui tutuly atanapi terasan kaditunamah , ayeunamah kieu we abdi teh males ngome iris mending angkat wae ka bumi uwa anu di palih kidul bade neraskeun lalajo film kenging ngadownload tadi film Super Mario anu diangkat tina kaheureuyan alias permainan Nintendo pami teu lepat mah kapungkur teh, euh meni waraas nya pami di emut2 deui teh kapungkur mah barudak teh kaheureuyana Karambol, catur, pingpong, biliard, kasti, panahan, golf, yoyo, speda listrik, skuter poh, pangebug reungit, pangebug laleur, pangebug kasur sinareng pangebug bangsat. Emhhh Waraaasssss!



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

silahkan komentarnya pembaca sangat diharapkan walaupun hanya komen "ekhem" saja ataupun cuma "oh"